Sisindiran

Sisindiran asalna tina kecap ‘sindir’ nya éta ngomong henteu togmol tapi ku jalan dibalibirkeun, pikeun ngaragangan nu diajak nyarita, supaya omongan urang henteu karasa nyentug. Jadi nu disebut sisindiran téh nya éta kasenian ngaréka basa nu diwangun ku cangkang jeung eusi, pikeun ngedalkeun maksud anu henteu saceplakna bari dipamrih karesmianana (M.A. Salmun).

Sisindiran nurutkeun wangunna dibagi tilu, nya éta:

  1. Wawangsalan/bangbalikan
  2. Paparikan
  3. Rarakitan

Nilik kana sipatna, wangun nu tilu éta mibanda tilu rupa sipat, nya éta: 1) silih asih, 2) piwuruk, jeung 3) sesebréd.

  1. Wawangsalan/bangbalikan

Wawangsalan asal kecapna tina wangsal anu hartina wangsul, maksudna balik. Éta sababna wawangsalan sok disebut ogé bangbalikan anu asal kecapna tina balik.
Wawangsalan/bangbalikan nya éta hiji wangenan sisindiran nu diwangun ku cangkang jeung eusi sarta disatukangeun eusina mangrupa tarucing (tebakan).

Wawangsalan/bangbalikan dibagi jadi dua, nya éta:

  1. Bangbalikan lanjaran

Nya éta wawangsalan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona:

  • Teu puguh monyét hideungna

Teu puguh tungtungna (lutung)

  • Tepi ka kélor héjona

Tepi ka antukna (katuk)

  • Teu beunang disupa dulang

Teu beunang dibébénjokeun (kéjo)

  1. Bangbalikan dangding

Nya éta wawangsalan nu kauger ku patokan pupuh. Contona:

Kinanti
Di Cikajang aya gunung, asa paturay jasmani
Kalong leutik saloa gedang
Kembang biru di astana, abot pisah jeung nu asih.

  1. Paparikan

Paparikan asalna tina kecap ‘parik’ anu asalna tina “parek”, hartina deukeut. Anu padeukeutna téh nya éta sadana atawa sorana dina cangkang jeung eusi.

Paparikan diwangun ku opat pada, dua pada cangkang jeung dua pada eusi, unggal pada lobana dalapan engang.

Paparikan dibagi dua, nya éta:

  1. Paparikan kawih, nya éta paparikan nu teu kauger ku patokan pupuh. Contona :

Leuleupeutan leuleuweungan
Ngarah kékéjoanana
Deudeukeutan reureujeungan
Ngarah téténjoanana

  1. Paparikan dangding, nya éta paparikan nu kawengku ku patokan nyieun pupuh. Contona:

Kapinis ulah disumpit
Tangkal muncang ngarangrangan
Kembang kopi kembang kopo
Karungkang pucuk karungkang
Lampuyang cocongoan
Bawaeun ka Raja Galuh
Batu tulis di sakola

Nilik kana sipatna, paparikan téh bisa mibanda tilu rupa sipat, nya éta:

  • Silih asih
  • Piwuruk
  • Sesebréd
  1. Rarakitan

Rarakitan salasahiji wangenan sisindiran anu asalna tina kecap “raket” hartina deukeut, tapi raket mah maknana leuwih deukeut atawa dalit. Raket di dieu nya éta raket sora atawa sadana antara cangkang jeung eusi téh raket pisan.
Contona:

Kamana nya nyiar paying
Sakieu pana poéna
Kamana nya nyiar duyung

Sakieu panas haténa

Nilik kana sipatna, rarakitan mibanda tilu rupa sipat. Nya éta silis asih, piwuruk, jeung sesebréd.

Sejarah Bahasa Sunda

Sajarah bahasa Sunda

Basa Sunda ti mangsa ka mangsa ngalaman kamekaran jeung parobahan boh dina pungsina kitu deui dina wanguna. Di handap ieu mangrupakeun pedaran ngeunaan kamekaran basa Sunda ti mangsa ka mangsa:

Mangsa I (saméméh abad ka-16 M)
Nepi ka taun 1600 Maséhi, basa Sunda téh mangrupa basa nagara di karajaan Salakanagara, Galuh, Kawali, Sunda, jeung Pajajaran. Dina ieu mangsa, basa Sunda kaasupan ku basa Sansakerta saperti anu katémbong dina prasasti titinggal Purnawarman, malah aksarana ogé maké aksara Pallawa.
Basa sunda alam harita dipaké dina widang kanagaraan, kasenian, jeung kahirupan sapopoé, loba kitab ageman anu ditulis dina basa Sunda sarta ngagunakeun aksara Sunda (kuna) saperti Siksa Kanda ng Karesian, Carita Parahyangan, Darmasiksa, jeung Guru Talapakan. Geura titénan basa Sunda nu dipaké alam harita, boh nu aya dina prasasti atawa nu aya dina karya sastrana:
· Transkripsi prasasti Ciaruteun titinggal Purnawarman
Jayaviclasya tarumendrasya hastinah airavabhasya vibhatidam padadavayam
nu hartina: ieu (tapak) dua sampéan airawata anu gagah perkasa, gajah inguan pangawasa taruma nu mawa kadigjayaan.

· Transkripsi http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Prasasti_Pasirmuara&action=edit”>prasasti Pasirmuara di Cibungbulang, titinggal karajaan Sunda
ini sabdakalanda rakryan juru pengambat I kawihadji panca pasagi marsandeca barpulihkan hadji sunda
nu hartina: ieu téh ucapan Rakeyan Juru Pengambat dina taun saka 458 nu nétélakeun yén pamaréntahan daérah dipulihkeun ku Raja Sunda.

· Transkripsi prasasti Astana Gede titinggal karajaan Sunda di Kawali
nihan tapa kawali nu sanghiyang mulia tapa bhagya parebu raja wastu mangadeg dikuta kawali nu mahayuna kadatuan surawisesa nu marigi sakuriling dayeuh nu najur sgala desa. Aya ma nu pandeuri pakena gawe rahayu pakeun heubeul
nu hartina: ieu nu tapa di Kawali téh nyaéta tapana nu mulya lir déwa. Gusti nu bagja, Raja Wastu nu ngéréh di kota Kawali, nu parantos mapaés Karaton Surawisésa nu ngadamel kakalén sakuriling dayeuh, nu nyantosa sakuliah wewengkon, muga-muga kapayunna aya nu kersa midamel kasaéan sangkan punjul sajagat.

Mangsa II (1600-1800 Maséhi)
Basa Sunda dina mangsa ieu geus kapangaruhan ku basa Arab jeung basa Jawa, basa Arab asupna kana basa Sunda ngaliwatan pasantrén, ari basa Jawa asupna kana basa Sunda ngaliwatan padaleman (pamaréntahan). Harita di tatar Sunda geus jlug jleg pasantrén, umumna ajengan nu ngadegkeun pasantrén di urang kungsi masantrén di wétan, jadi salian ngasupkeun basa Arab kana basa Sunda pasantrén ogé milu ngasupkeun basa Jawa deuih. Nya di antarana ngaliwatan pasantrén deuih asupna wawacan jeung sarupaning upacarana téh. Kitu deui widang pamaréntahan, harita tatar Sunda kaéréh ku Mataram, para gegedén Sunda (dalem) sataun sakali kudu séba ka dayeuh Mataram, tara sakeudeung di dituna téh, balikna mawa adat cara kadaleman Jawa, nya mangsa harita mimiti asupna “undak usuk basa” kana basa Sunda téh, nu mangrupa pangaruh tina basa Jawa (contono dina naskah Wawacan Sulanjana).
Mangsa III (1800-1900 M)
Dina ieu mangsa, basa Sunda mimiti kaasupan ku basa Walanda, ngaliwatan para bupati jeung pagawé Walanda. Mémang harita mah wewengkon Sunda téh geus aya dina genggeman pamaréntah Hindia Walanda, nya harita medalna buku basa Sunda anu ditulis ku aksara Latén téh. Basa Sunda mimiti dijadikeun ulikan bangsa deungeun utamana bangsa Walanda, salian ti éta basa Sunda ogé mimiti kaasupan basa Malayu deuih. Harita aya katangtuan ti bangsa Walanda sangkan bangsa pribumi, kaasup urang Sunda kudu ngagunakeun basa Malayu minangka lingua franca-na (contona aya dina http://su.wikipedia.org/w/index.php?title=Wawacan_Panji_Wulung&action=edit”>Wawacan Panji Wulung taun 1876).
Mangsa IV (1900-1945 M)
Dina ieu mangsa, sakola-sakola beuki réa, basa Sunda terus digunakeun sarta diajarkeun di sakola-sakola. Para panalungtik basa Sunda beuki loba deuih, boh bangsa deungeun atawa urang Sundana sorangan, beuki témbong baé pangaruh basa Walanda kana basa Sunda téh, nepi ka harita mah teu saeutik urang Sunda nu nyaritana direumbeuy ku basa Walanda, utamana kaom palajar. Basa Sunda pacampur jeung basa Arab, Jawa, Malayu, jeung Walanda dipaké dina widang atikan jeung kabudayaan, pikeun nuliskeunana geus prah maké aksara Latén. Dina ieu mangsa, medal pustakamangsa jeung kalawarta dina basa Sunda saperti Papaés Nonoman (1915), Pasoendan (1917), Poesaka Soenda (1923), jeung Sipatahoenan (1923).
Mangsa V (1945-kiwari)
Mangsa ti taun 1945 nepi ka kiwari sok disebut ogé mangsa sabada perang, basa Sunda dipaké dina kahirupan sapopoé, pustakamangsa, sastra, kabudayaan, jeung buku-buku atawa kapustakaan. Mangsa ieu basa Sunda loba kapangaruhan ku basa Indonésia. Dina istilah-istilah basa kosta méméh asup kana basa Sunda téh umumna ngaliwatan heula basa Indonesia, utamana nu dipaké ku masarakat kota, nepi ka aya istilah “Sunda kamalayon” geuning, nyaéta basa Sunda anu reumbeuy kapangaruhan ku basa Malayu (Indonesia).
Disalin ti “http://su.wikipedia.org/wiki/Sajarah_Basa_Sunda

BASA SUNDA DI PANGUMBARAAN

ku Dédi Gumelar (Miing Bagito)

Alhamdulillah, sim kuring masih kénéh dipaparin umur ku Gusti Alloh Swt., dugi ka tiasa ngiring ilubiung icikibung dina Kongrés Basa Sunda VIII di Kabupatén Subang. Ieu téh mangrupi kasempetan nu kadua kalina sim kuring dipentés sasanggem dina forum Kongrés Basa Sunda. Kapungkur nalika Kongrés Basa Sunda VII Taun 2001 di Garut, sim kuring ogé dipentés kedah ngadugikeun kamandang perkawis kamekaran basa Sunda. Mung jejerna anu bénten téh. Nalika di Garut mah sim kuring téh medar perkawis “Basa Sunda di Kalangan Artis”. Ari ayeuna janten diperedih kedah medar perkawis “Basa Sunda di Pangumbaraan”. Bet janten ngalegaan ambahanana téh. Nanging sanaos kitu, ieu téh mangrupi pangajén anu kalintang ageungna kanggo sim kuring mah. Hatur nuhun kana kapercantenanana, mugia baé aya mangpaatna kanggo urang sadayana, hususna kanggo kamekaran basa Sunda ka payunna.
Tangtosna baé naon anu badé dipedar ku sim kuring téh tebih kana disebat pedaran ilmiah mah. Ieu mah sakatimu-timu baé, bahanna kénging ruwal-rawél dumasar kana pangalaman anu karandapan sareng anu karaos ku sim kuring salami di pangumbaraan. Mangga nyanggakeun.
Cariosna sim kuring ayeuna nuju ngumbara di Jakarta. Sanaos antawis Jakarta sareng lembur sim kuring di Pandéglang, Banten, ayeuna mah tiasa didongkang ku waktos anu mung ukur jamjaman, namung sim kuring ku ayeuna mah langkung sering aya di Jakarta. Anu manima Jakarta, tempat pamungpungan rupa-rupa sélér bangsa sa-Nusantara. Ti nu hideung ka nu bodas, dugi ka nu bulé aya di dinya. Ditambih deuih ku sesebatan Kota Méropolitan, tempat aworna warna-warni kahirupan. Tangtos baé mibanda sosio-kultural anu ganjor sareng lembur sim kuring, anu sanaos ayeuna tos misah raga sareng Propinsi Jawa Barat janten kalebet ka Propinsi Banten, namung ari dina leresan kasundaanana mah henteu acan robih. Tetep Sunda boh jiwa boh ragana. Éta katingal, di antawisna baé tina basa anu digunakeunana. Angger basa Sunda, sanaos tangtosna ogé basa Sunda dialék Banten. Atuh dugi ka danget ieu urang Pandéglang sareng sabudeureunana masih kalebet sélér bangsa Sunda ti Banten. Dina kontéks éta, kalungguhanana henteu bénten ti sélér bangsa Sunda ti Priangan, ti Subang, sareng sajabina. Dugi ka danget ieu, masih kénéh dianggap sami-sami urang Sunda. Komo deui ayeuna sim kuring masih kénéh diangken, malih kedah sasanggem deuih dina ieu Kongrés Basa Sunda.
Ku margi aya paripaos “kudu pindah cai pindah tampian” téa, otomatis salami sim kuring ngumbara téh kedah nyaluyukeun diri sareng kaayaan di pangumbaraan. Kitu deui dina leresan kedah ngagunakeun basana. Sadidinten sim kuring kapaksa kedah ngagunakeun basa Indonesia, seseringna mah basa Indonésia dialék Jakarta, anu langkung populér disebut basa Batawi téa. Malih sakapeung mah diwuwuhan ku “basa gaul”, utamina upami nuju ngariung sareng kalangan tertentu, anu sering disebat ku infotainment mah kalangan selebritis. Namung upami kaleresan patepang atanapi ngempel sareng urang Sunda deui mah atanapi anu kawitna ti Tatar Sunda, sapertos Bandung, sim kuring ogé osok ngagunakeun basa Sunda. Duka kumaha, karaosna asa langkung anteb, langkung teleb, sareng langkung akrab upami ngagunakeun basa Sunda. Perkawis leres-henteuna, merenah-henteuna basa Sunda anu digunakeun ku sim kuring sabatur-batur, éta mah sanés deui. Mangga nyanggakeun ka para ahli basa Sunda.
Kiwari, numutkeun sim kuring mah aya kamekaran anu pikabungaheun. Seueur artis sareng kalangan anu disebat selebritis téa, mibanda kasang tukang ti Tatar Sunda, boh urang Sundana sorangan boh anu kantos lami nganjrek di Tatar Sunda. Salawios contona, mangga baé titénan présénter di TV-TV swasta nasional. Sakapeung mah apan celetak-celetukna téh tos teu asa-asa deui upami ngagunakeun kekecapan sareng istilah-istilah basa Sunda. Komo upami nuju ngariung di luar panggung mah. Éh, da teu asa di Jakarta atuh, tapi asa di Tatar Sunda wé dina hog-hagna, dina sempal guyonna, sareng sajabina téh. Ieu ngandung hartos, yén tatali émosional urang Sunda kana basana téh, nya éta basa Sunda, tetep nganteng sanaos di mana baé ayana. Rupina kana seni-budayana ogé henteu tebih ti kitu. Duka kumaha, upami sim kuring patepang sareng urang Sunda deui di pangumbaraan, da mani asa papendak jeung dulur atuh. Komo upami pendakna di luar Pulo Jawa mah. Dina diperedih bantosanana ogé, upamina, asal anu kadada-kaduga da mani asa terus jeung hate atuh. Aya tatali émosional anu sesah dicarioskeunana.
Sabada sim kuring ngobrol sareng sababaraha urang Sunda anu aya di luar Tatar Sunda, sanés baé anu nuju ngumbara di Jakarta, tétéla geuning aya rasa anu sami. Aya katineung, aya kasono, ka dituna aya kanyaah sareng kahéman kana budayana sorangan. Kalebet basa sareng sastrana, basa sareng sastra Sunda. Namung “kendalana” ogé ampir sami deuih. Di antawisna kirangna referénsi, boh anu mangrupi buku bacaan boh media sanésna anu tiasa katampi. Boh anu ngagunakeun basa Sunda, boh anu medar perkawis kasundaan sanésna. Ieu panginten émutaneun urang sadayana, anu sami-sami mikanyaah sareng kagungan patékadan kanggo ngamumulé basa, sastra, katut seni-budaya Sunda.
Ngalangkungan ieu kongrés, Sim kuring miharep aya tarékah kanggo ngahiap sareng ngaraéh urang Sunda nu aya di pangumbaraan. Perkawis cara sareng programna, mangga baé nyanggakeun ka sadayana. Margi numutkeun sim kuring, urang Sunda anu aya di pangumbaraan téh (di mana baé ngumbarana), mangrupi poténsi anu tiasa janten aya mangpaatna enggoning ngamumulé sareng ngamekarkeun budaya Sunda, tangtos baé kalebet basa sareng sastra. Malih tiasa janten sanés dina widang seni-budaya wungkul. Mung masalahna kumaha cara umajak sareng ngalap mangpaatna? Éta mah, sakali deui, mangga nyanggakeun ka sadayana. Urang sami-sami émutan. Mung insya Alloh, upami parantos aya kasapukan, sim kuring ogé moal cicingeun.
Cag, sakieu baé heula. Hapunten upami basana kirang tata, kirang merenah gékgékanana. Hapunten deuih upami pedaranana anu henteu ninggang kana kekecrék. Ieu mah minangka ngiring bingah baé kana lumangsungna Kongrés Basa Sunda VIII di Subang, piraku sugan upami teu aya mangpaatna pisan mah.
Hatur nuhun.

GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA

GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA
DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAH

Ku Bupati Bandung

BUBUKA
Kasang Tukang
Pancén utama Basa Sunda nya éta alat komunikasi, sedengkeun konstruksina mangrupa ayat-ayat anu panjangna kauger tur puguh watesna (Yudibrata, 1990:11).
Kiwari Basa Sunda téh mibanda kalungguhan jadi basa daérah luyu jeung UUD 1945, Bab XV, penjelasan pasal 36 yén wewengkon-wewengkon anu mibanda kénéh basa daérah saperti Basa Sunda, Jawa, Madura jeung Bali anu dipiara tur diparake kénéh ku masarakatna, basa daérahna bakal dipiara tur diajénan ku nagara. Ari sababna éta basa-basa téh mangrupa salah sahiji unsur kabudayaan Nasional.
Sakumaha anu dicindekkeun ku Seminar Politik Bahasa Nasional di Jakarta tahun 1975 yén patali jeung kalungguhannana jadi basa daérah, Basa Sunda téh mibanda kagunaan jadi lambang kareueus daérah, lambing identitas daérah, pakakas gaul di lingkungan kulawarga jeung masarakat daerah, basa panganteur di sakola dasar ti mimiti kelas I nepi ka kelas III, pangrojong basa Nasional jeung pangrojong sarta pamekar kabudayaan Nasional (Bahasa dan Sastra tahun I No. 1975).
Pon kitu deui dina Garis-garis Besar Haluan Negara, hususna dina widang kabudayaanana, ditétélakeun yén pembinaan basa daérah dilaksanakeun dina raraga mekarkeun basa Indonésia katut budaya Nasional minangka salah sahiji sarana idéntitas Nasional.
Luyu jeung pedaran di luhur, Basa Sunda minangka salah sahiji unsur budaya daérah perlu dipiara jeung dimumulé. Lumangsungna interaksi jeung komunikasi di lingkungan masarakat Sunda kudu “ajakan” pikeun Basa Sunda jadi basa daérah.
Masalah
Ayana kontak budaya masarakat Sunda jeung tatamu ngabalukarkeun loba dipakéna “Basa Indonésia – Jajakartaan” dina komunikasi masarakat Sunda jeung sasama masarakat Sunda pon kitu deui jeung tatamu. Upama situasi teu nyunda ieu téh henteu ditarékahan tinangtu bakal langka nu bisa Basa Sunda, antukna éksistensi Basa Sunda gé bisa-bisa musnah.
Ku kituna, pamaréntah daerah Propinsi, Kabupaten jeung Kota di Jawa Barat perlu netepkeun kawijakan nu bisa méré hawa keur hirup-huripna Basa Sunda.

GERAKAN NGAGUNAKEUN BASA SUNDA DI LINGKUNGAN PAMARÉNTAHAN
Dumasar Undang-undang Nomor 32 taun 2003 ngeunaan pamaréntahan daérah, dijéntrékeun yén hal-hal anu pangpokona dina sistim pamaréntahan daérah nya éta pelaksanaan otonomi daérah nu lega tur konkrit anu dipaparinkeun ka Propinsi, Kabupatén jeung Kota. Hartina, pamaréntahan Kabupatén téh boga kawenangan dina ngayakeun pamaréntahan ti mimiti rarancang, pelaksanaan, pengolahan jeung évaluasi.
Rarancang Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Luyu jeung Peraturan Daérah Nomor 5 taun 2003 BAB II Pasal 2 ngeunaan Pemeliharaan Bahasa, Sastra dan Aksara Daérah, gerakan ngagunakeun Basa Sunda saestuna ngandung rupa-rupa tujuan :
a.pikeun ngantebkeun éksistensi makéna Basa Sunda nepi ka jadi faktor pangrojong pikeun tumuwuhna jati diri jeung kareueusna daerah.
b.ngantebkeun kalungguhan tur pancén Basa Sunda.
c.nangtayungan, ngamekarkeun, tur ngamanpaatkeun Basa Sunda pikeun pamekaran budaya Nasional.
d.ngaronjatkeun ajén makéna Basa Sunda.
e.(Perda No. 5, 2003:3)
Ayana kawijakan ngeunaan gerakan ngagunakeun Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan téh implikasina mah bakal karasa dina sakumna widang kamasarakatan di masarakat Sunda.
Numutkeun Koentjaraningrat (1994:16-17) aya dalapan pranata kamasarakatan. Patali jeung kawijakan ngagunakeun Basa Sunda, aya genep pranata nu diperedih pikeun miara jeung ngamumulé Basa Sunda. Éta pranata téh ngawengku scientific institutions, educational institutions, aesthetic and recreational institutions, religius institutions, domestic institutions jeung political institutions-na sorangan.
Kawijakan diayakeunna panataran, seminar, lokakarya, kongrés, sawala, aprésiasi, panaluntikan jeung kagiatan sarupa séjénna ngagunakeun Basa Sunda, mangrupa usaha ngahirup-huripkeun Basa Sunda dina widang paélmuan.
Kawijakan ngagunakan Basa Sunda di sakola tur nyadiaan bahan-bahan bacaan Basa Sunda mangrupa usaha miara Basa Sunda di lingkungan atikan.
Kawijakan maparin pangajén ka sastrawan atawa pinunjul pasanggiri nu ngagunakeun média Basa Sunda mangrupa usaha ngaronjatkeun Basa Sunda dina widang budaya jeung pariwisata.
Kawijakan netepkeun yén Basa Sunda kudu tetep dipaké dina hutbah, caramah jeung acara kaagamaan séjénna mangrupa usaha ngamekarkeun Basa Sunda dina widang kaagamaan.
Kawijakan dipakéna Basa Sunda di lingkungan masarakat jeung kulawarga geusan ngantebkeun éksisténsi Basa Sunda dina interaksi masarakat Sunda.
Patali jeung usaha ngamumulé Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan sorangan, aya dua kawijakan anu ditetepkeun, éta kawijakan téh ngawengku:
a.netepkeun Basa Sunda jadi basa resmi kadua di sagédéngeun Basa Indonésia nalikan ngalaksanakeun pancen pamarentah daérah.
b.sakabéh pagawé kudu ngagunakeun tur ngawasa Basa Sunda pikeun mancén gawé di lingkungan pamaréntahan daérah luyu jeung aturan perundang-undangan nu lumaku.

Pelaksanaan Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Pelaksanaan gerakan ngagunakeun Basa Sunda di lingkungan pamaréntahan Kabupatén Bandung ditegeskeun deui ku ayana instruksi Bupati Bandung ping 6 Oktober 2004 dina Pasanggiri Biantara Basa Sunda.
Ku kituna, kawijakan-kawijakan anu asalna mangrupa rarancang sakumaha dipérélékeun saméméhna, saterusnamah dilaksanakeun ku sakumna pranata masarakat.
Munggaran widang budaya jeung pariwisata maparin pangajén ka pinunjul Pasanggiri Basa Sunda ping 6 Oktober 2004. Dilajengkeun di widang pamaréntahan, Basa Sunda dipaké jadi basa resmi kadua contona baé, Bupati, Camat, Kepala Désa jeung aparat liana, maké Basa Suna lain ukur dina interaksi teu resmi tapi dina interaksi resmi, modél méré pangjajap.
Pon kitu deui dina widang atikan, ti mimiti TK nepi ka Paguron Luhur, boh guruna, boh muridna, boh karyawanna wajib ngagunakeun Basa Sunda unggal poé Juma’ah.
Di lingkungan masarakat sunda nu sipatna informal jeung non formal, Basa Sunda dipaké dina interaksi sosial.
Hutbah jeung caramah dina kagiatan kaagamaan ditepikeun maké média Basa Sunda.
Diayakeunna sawala, panataran jeung kagiatan séjénna nu ngagunakeun Basa Sunda boh nu diayakeun ku pamaréntah sorangan boh hasil rukun gawé jeung pranata liana.

Pengolahan jeung Évaluasi Gerakan Ngagunakeun Basa Sunda
Dumasar pelaksanaan gerakan ngagunakeun pamaréntahan tadi, aya sababaraha anu katitén.
Pasanggiri nu diayakeun can ngalibatkeun sakuma lapisan masarakat sabab pamilonna diwatesanan pikeun pihak nu tangtu.
Ayana kabiasaan dipakéna Basa Sunda sacara kontinuitas di lingkungan pamaréntahan, ngabalukarkeun matak gejedna komunikasi nalika maké Basa Sunda, pangpangna mah dina situasi teu resmi loba anu salah ngalarapkeun basa.
Rupa-rupa parobahan geusan mangaruhan nonoman sunda, antukna teu saeutik anu leungiteun cekelan, kaasup dina kabasaannana. Patali jeung éta hal aya istilah “gengsi”dina maké Basa Sunda, ieu hal hésé leungitna can pati disosialisasikeun. Sabab masih aya barudak sakola nu teu apal kana éta kawijakan tur nu apal ogé, teu pati maliré éta kawijakan.
Ieu hal luyu jeung nu ditétélakeun ku Steward yén patali jeung ajén basa bisa disebutkeun yén dimana baé unggal basa téh aya anu dianggap worthy minuhung ajénna. Ku kituna mindeng digunakeun. Basa Sunda dianggap teu worthy ku barudak ayeuna (Fishman, 1977 : 352).
Upama dititénan anu tetep konsistén ngagunakeun Basa Sunda dimana waé jeung iraha waé nya éta seniman tradisional dina magelarkeun kasenianana.
Pohara hétérogénna masarakat sunda ayeuna ngabalukarkeun kasempetan maka Basa Sunda boh informal boh non formal téh héngkér pisan. Babakuna di lingkungan kulawarga, ibu-ibu henteu ngusahakeun Basa Sunda jadi basa indung atawa basa ka hiji. Padahal dina ngawasa basa kahiji téh merlukeun usaha sakumaha anu ditétélakeun ku Samsuri (1981:3) yén pinterna budak maké basa téh lantaran dipaké di lingkungan kulawargana jeung lingkungan masarakatna.
Patali jeung kawijakan ngayakeun panataran, sawala jeung kagiatan séjénna nu ngagunakeun Basa Sunda kawilang euyeubna.
Dumasar péréléan di luhur, rarancang gerakan ngagunakeun basa sunda di lingkungan pamaréntahan geusan méré kasempetan keur miara jeung nagmumulé Basa Sunda. Hanjakal dina pelaksanaannana, tong boro kawijakan pamaréntah nu jieun keur miara Basa Sunda dina widang séjénna dakon di lingkungan pamaréntahanana sorangan gé, bisa ka baca ku urang yén hésé rék ngabiasakeun ngagunakeun Basa Sunda, sok dina sanajan komunikasi teu resmi.

PANUTUP
Bisa dicindeukeun yén kawijakan ngenaan gerakan ngagunakeun basa sunda di lingkungan pamaréntahan ngawengku sababaraha tahapan. Kahiji tahapan rarancang, nya éta nyieun kawijakan. Kadua pelaksanaan kawijakan. Katilu pengolahan jeung évaluasi, nya éta luyu henteuna kawijakan nu geus dijieun jeung kanyataan dilapangan.
Kawijakan ngagunakeun Basa Sunda nu dirancang ku pamaréntah téh lumaku keur sakumna widang kamasarakatan. Nu jadi poko dina ieu gerakan téh nya éta masarakat sunda ngabiasakeun maka Basa Sunda jadi media komunikasi di lingkungan. Ieu hal maksudna, nya éta urang sunda. Sok sanajan dina pelaksanaan éta kawijakan téh can nyumponan harepan jeung udagan, lebah dieu urang kudu bisa ngungkulan éta pasualan.
Kukituna, rarancang nu geus dijieun téh saterusna kudu disosialisasikeun sarta dimasarakat perlu dimekarkeun iklim sosial nu mangaruhan suasana kabasaan masarakat sunda sangkan sakumna kawijakan bisa dilaksanakeun.
Pancen miara jeung ngamumulé Basa Sunda téh pancen urang saréréa. Urang Sunda boh pituin boh tatamu nu cicing di tatar Sunda kudu soson-soson make Basa Sunda dina komunikasi sapopoé. Mudah-mudahan idéntitas kabudayaan urang sunda tetep nanjeur tur mekar.

DAPTAR PABUKON
Fisman. 1977 Reading In The Sociology Of Language. New York: Mounton Publisher.
Halim, Amran. 1975. Fungsi Politik Bahasa Nasional Dalam Bahasa dan Sastra. Nomor I Tahun I.
Koentjaraningrat. 1994. Kebudayaan, Mentalitas dan Pembangunan. Jakarta: Gramédia.
Pusat Pengembangan dan Pembinaan Bahasa 1975. Hasil Perumusan Seminar Politik Bahasa Nasional. Jakarta: Depdikbud.
Samsuri. 1981. Analisa Bahasa. Jakarta: Erlangga.
Yudibrata, Karna. 1990. Bagbagan Maké Basa Sunda. Bandung: Rahmat Cijulang.

SUMBER SÉJÉN
Undang – undang Nomor 32 Tahun 2003 tentang Pemerintah Daerah.
Peraturan Daérah Propinsi Jawa Barat Nomor 5 Tahun 2003, tentang Pemeliharaan Bahasa dan Aksara Daerah.

BASA LULUGU JEUNG BASAPRAJA

BASA LULUGU JÖŊ BASAPRAJA

TARÉKAH SAŊKAN LANA*)

Ku Ayatrohaédi

(Ruruntuk pagawé nagri)

Pamuka

Taun 1864 Pamaréntah Hindia Walanda mindahkön pakәmitan Preanger Regent-schappen ti Cianjur ka Banduŋ. Dibandiŋkön jöŋ Batawi (nu diawalan ku Kalapa, néma ka Jayakarta, Batavia, mәntog di Jakarta), Buitenzorg (awitna mah Pakwan Pajajaran tur ayöna nәlah Bogor), Sumәdaŋ (mataholaŋna diwastu diya diŋaran Kutamaya), Ciamis nu karuhunna sohor Galuh téa), atawa Cirәbon (jujutanana ti Caruban, Sarumban, Carbon, malah kuŋsi diwalandakön jadi Cheribon), Banduŋ téh orok kénéh pisan. Mun harita gupernur jéndral H.W. Daendels nu kamashur katelah Mas Galak téa tö boga hojah ñiön dayöh añar saŋkan tö jolok töiŋ mah, sigana tug tәpi ka kiwari ogé uraŋ moal boga dayöh maŋaran Banduŋ nu jadi kaagul katut karöös urang saréréa, kaasup pisaröksökönana.

Saŋgös dibәnum jadi pakәmitan, orok téh morontod, boŋsor. Bubuhan sagala ka-pәrluanana dipupujuhkön pisan. Paŋpaŋna nu aya hubuŋanana jöŋ atikan, pamaréntahan, kabudayan, talimarga, jöŋ lian-lianna. Di antarana, ŋadәgkön sakola nu ŋajarkön basa Sunda. Basa Sunda nu diajarkön, taŋtuna ña anu kiwari ku uraŋ saur manuk disәbut basa lulugu téa.

2. Nu kumaha basa lulugu téh?

Lantaran Banduŋ jadi pakәmitan tur sakola nu ŋajarkön basa Sunda ogé babakuna aya di diña, munasabah pisan mun aya aŋgapan yén nu disәbut basa lulugu téh ña basa uraŋ Banduŋ, dialek atawa basapraja Banduŋ. Kuma tö rek kitu göra. Kapan D.K. Ard-winata (nu sok sanajan bapana uraŋ Bugis) nu bukuna loba digunakön minaŋka bacaan di sakola, matuh di Banduŋ. Atuh Suriadiraja, guru basa nu ñusun sawatara buku ajar jöŋ bacaan basa Sunda (Panjoengsi Basa, Gandasari) ogé sarua, matuh di Banduŋ.

Ku kituna, lamun dina Koŋrés Basa Sunda taun 1927 aya nu nulis makalah nu ösi-na maŋrupa patarosan, “(kәcap-kәcap) basa wәwәŋkon mana döi nu bisa diasupkön kana basa lulugu?”, sahәntöna ogé ña matak jadi patarosan. Atawa, jadi alәsan pikön nétélakön yén ari kitu mah basa lulugu téh lain basapraja Banduŋ, copelna ña tö sarua (sagәmblәŋ-na) jöŋ basa uraŋ Banduŋ. Ku kituna, basa lulugu basa Sunda mah hәntö tuturut mundiŋ ka döŋön. Kapan cék para widyabasaman mah, nu disәbut basa lulugu basa Pәrancis ña éta basapraja Paris, Iŋgris basapraja London, Sәpañol basapraja Madrid. Umumna basa-praja dayöh nu jadi pakәmitan nagarana. Nu rada béda téh basa lulugu Itali: lain basa-praja Roma, tapi basapraja Firenza atawa Florence, lantaran Dante Alighieri, sastrawan Itali nu kacida kawәntarna, matuh di éta dayöh.

Patarosan dina koŋrés bisa disurahan yén basa lulugu Sunda nu diajarkön téh, ari kitu mah ŋahaja dijiön! Saha nu ñiönna? Babari ñukcrukna: Moal saha, taŋtuna ña Suria-diraja. Sahәntöna anjönna ŋiriŋ marajian morojolna orok nu jadi basa lulugu. Sok sanajan tö cәples, jasa Suriadiraja téh tö kuraŋ ajen mun dibandinŋkön kana jasa Einar Haugen, jalma nu ŋalantarankön uraŋ Norwegia kiwari boga basa soraŋan. Kapan saméméhna mah, maŋsa Norwégia masih kabawah ku Dénmark, nu aya téh ukur basa Dénmark basapraja Norwégia. Saŋgös jadi nagara katut baŋsa nu sapantar, satata, sadarajat boh jöŋ Dénmark boh jöŋ Swédia, Haugen boga pamadәgan: hadéna mah nagara baŋsa nu mandiri boga basa soraŋan. Saŋkan kacapaŋan basa cicirén baŋsa ulah saukur kaagul uraŋ Sunda. Padahal dina pakumbuhan sapopoé maŋsa kiwari, nu löwih sәriŋ kabanduŋan téh, lamun lain basa Batawi atawa basa Malayu, ña basa nu siga basa Iŋgris!

Haugen taya röröhna, taya bosәnna “ŋadagaŋkön” basa ciciptanna, ŋagunakön meh sakumna sarana nu kaәroŋ bias ŋarojoŋ usaha. Babakuna ña sarana atikan, bacaan, tulisan, bari taŋtuna tara poho kana maksudna. Hasilna? Uraŋ Norwégia kiwari boga basa soraŋan, basa Norwégia, sok sanajan ari nurutkön widyabasa mah éta téh ukur basapraja basa Dénmark.

3. Ari basapraja, naon?

Dumasar kәkәcapanana mah, basapraja bisa dirucat jadi basa jöŋ praja. Duana-na ogé kәcap nu kacida lomana dina pakumbuhan uraŋ. Kapan aya kotapraja, swapraja, pamoŋpraja, lain? Dalah kiwari nambahan ku pulisi praja nu lain pulisi, sarua jöŋ gubәrnur jendral atawa sekretaris jendral nu tö kudu jéndral. Kapan maŋsa dijajah ogé, boh ku Kumpәni boh ku Hindia Walanda, di sakuliah Indonésia ŋan aya sauraŋ nu jadi gubәrnur jéndral téh. Mana urusan réréana mah bérés (sok sanajan kumaha ñurahanana ogé!). Saŋgös mәrdika, babakuna jaman orba, meh kabéh kaluŋguhan gubәrnur dicaŋkiŋ ku jéndral. Atuh kaharti mun urusan jadi löwih pakucrut ogé!

Tapi, saŋgös “dikawinkön” jadi basapraja, göniŋ réa nu araya di diö ogé kәruŋ? Ah, löwih loma kana istilah atawa kәcap dialék, öy! komәntarna. Tah, istilah dialék nu aya réŋkolna dina surat ogé: “Ngahirup-huripkeun Basa Sunda Lulugu jeung Dialék”, kitu unina (sabab ñutat, éjahanana ogé sakumaha buktina waé). Saәñana, sakuraŋ-kuraŋ-na sabasasundaön, istilah basapraja löwih mәrәnah manna dialék. Kapan hartina basapraja téh ‘basa nu digunakön ku praja atawa rahayat (di daérah atawa wәwәŋkon), padahal istilah dialék nah sahәntöna kudu bari iŋәt kana sajarah sagala!

Méré ŋaran hiji basapraja téh bisa babari, tapi tö mustahil hésé. Babari da uŋgal padumukan ogé bisa dipaké pikön ŋaranan basa sapopoé maranéhna. Lantaran babari, jadi hésé muguhkön. Aya basapraja Priangan, tapi ogé aya basapraja Sumәdaŋ, basapraja Buahdua, basapraja Ujuŋjaya. Aya basapraja Cirәbon, Majalәŋka, Jatiwaŋi, Buntu, Əntuk. Ti nu ŋawәŋku karәsidénan, kabupatén, kawadanan, kacamatan, désa, nәpi ka dukuh.

Hartina, nәpi ka kiwari ogé, sawala ŋönaan basa jöŋ basapraja can réŋsé. Barina ogé, tö kudu diréŋsékön, ŋarah para widyabasaman tö wәléh boga hanca. Aya éta ogé nu gös disaluyuan mah ŋönaan naon nu disәbut basapraja téh. Cenah, basapraja téh ñaéta pacaturan nu digunakön di hiji pakumbuhan, nu aya bédana jöŋ pacaturan di pakumbuhan lian (babakuna nu nataŋga), ŋan hәntö ari nәpi ka talimarga tö ñambuŋ mah, bubuhan éta pakumbuhan téh masih kawәŋku ku basa nu sarua. Sok sanajan aya waé salah paham mah, babakuna mun aya kәcap nu sarua tapi béda hartina. Babakuna kәcap nu aya patalina jöŋ kaayaan éta pakumbuhan. Contona, mun urang Kuniŋan ñәbut giraŋ, maksudna pasti ‘kulon’. Padahal, pikön uraŋ Jatiwaŋi hartina ‘kidul’, ari kör uraŋ Ciamis ‘kalér’. Boa kör uraŋ Tasik mah hartina ‘wétan’. Nu jadi cukaŋ lantaran gunuŋ Cirәmay nu ŋalaŋlauŋ di diña, tәmpat mimiti ŋamalirna waluŋan di daérah éta …

Aya döi cara ŋaranan basapraja. Hәntö dumasar ŋaran tәmpat kumaha kahayaŋ nu miboga eta pacaturan. Nu iö mah dasarna téh pangawәruh basa. Mun sög dititenan, uraŋ Sunda di daerah pawetanan, kayaniŋ Tasik, Ciamis, Majalәŋka, Kuniŋan, jöŋ Sumәdaŋ, tö sirikna uŋgal ŋambәkan wae kәdal ucap pakbәlәdug, paksәŋok, atawa pakgubrag téh. Padahal uraŋ pakulonan (Banduŋ, Cianjur, Sukabumi, Bogor parat ka Bantәn) dina kәdalna ogé ŋabәlәdug, ŋagubrag, töiŋ kumaha ari paksәŋok mah. Dumasar cirri-ciri nu aya dina pacaturanana, moal aya basapraja Priaŋan atawa Bantәn téh; nu aya ñaeta basa-praja pak- jöŋ basapraja ŋa-. Cara séjénna, kahirupan sapopoé nu digunakön téh. Upamana waé, kumaha disәbutna ‘kapala désa’ di pakumbuhan. Mun iö nu dipaké, mörön nu aya téh basapraja jaro, lurah, jöŋ kuwu.

4. Kumaha tarékah saŋkan lana?

Jadi, manan maseakön basapraja mana nu masih bias diasupkön kana basa lulugu, löwih ŋabadamikön kumaha tarekahna saŋkan boh basa lulugu boh basapraja bisa lana di-gunakön dina pakumbuhan sapopoé. Lain sakaiŋәt lamun ti aŋgalna kénéh aya dua ŋaran nu disabit-sabit: Suriadiraja jöŋ Haugen téh. Maksudna, batan hésé néaŋan carana, asa löwih hadé nurutan hojah éta dua inohoŋ. Kapan saәñana mah éta-éta kénéh waé nu tәpi ka kiwari digunakön ogé. Nu béda téh ukur carana, kawantu kiwari mah téknologi gös mәlәsat kadia kilat. Hartina, saranana mah éta-éta kénéh, ŋan kudu ŋamaŋpaatkön tékno-logi.

Jadi, sarana nu éta-éta kénéh téh maŋrupa atikan, bacaan, sawala, aturan (ka-wijaksanaan). Dina söhsöhanana, kabéh ogé ñokona dina kawijaksanaan, di antara nu ŋa-jirim dina dasar hukum, tujuan, cara, sarana atikan. Lian ti eta, tö kuraŋ-kuraŋ pәntiŋna ña taŋtuna ogé “bahan atahna”: murid. Tapi murid mah rék dikumahakön ogé nurut waé, da puguh tö tәraŋ nanaon.

Ku kituna, lamun nәpi ka kajadian walikota Taŋәraŋ kuŋsi brukbrak balaka moal rék ŋajarkön basa daérah (Sunda) di daérahna, tö salah-salah töiŋ. Sabalikna, éta téh tö bәnәr. Alәsanana, masrakat Taŋәraŋ dina pakumbuhan sapopoé méh tara ŋagunakön basa Sunda; jadi jaŋ naon ŋaajarkön nu méh mubadir? Hanjakalna, nolak basa daérah sabab mubadir, tapi ŋahucuhkön basa Iŋgris ti teka kénéh! Sarua mubadirna mah, ŋan basa Iŋgris mah aya onjoyna: dina maŋsana barudak téh pasti kudu diajar basa Iŋgris. Kapan para pamiŋpin ogé tara kәndat mәcut saŋkan para nonoman dialajar basa kosta (babakuna ña basa Iŋgris), cәnah mah “untuk mәŋәjar ketәrtiŋgalan di bidaŋ ilmu dan téknologi”. Pañaŋkana, mun rek jadi ahli ñiön jajamu, tәtәp kudu bisa basa Iŋgris, lain basa Jawa, Sunda, atawa Bali …

Sigana walikota Taŋәraŋ kitu kalakuan téh lantaran basa daérah (Sunda) dina kurikulum kiwari dijadikön muatan lokal nu bisa naon baé anu moal diujikön. Padahal baréto mah basa daérah jadi basa paŋantör nәpi ka kәlas tilu; ti kәlas opat jadi mata ajar wajib (di SR, lain di SD!).

Padahal Koŋrés Pamuda Sunda satәŋah abad nu kaliwat, dina salah sahiji hasilna ŋadoŋsok Pamaréntah saŋkan ŋajuŋjuŋ luŋguh basa daérah jadi basa rәsmi kadua di daérahna masiŋ-masiŋ. Padahal, réa pisan warisan karuhun nu can kaboŋkar naon waé ösina, lantaran kiwari nu bias maca naskah buhun jumlahna ukur wәwәlasan, ari naskahna dina hәntö ŋarewu ogé, ukur ŋaratus mah pasti …

Lian nu dituliskön dina basa lulugu (ah, harita mah can aya basa lulugu kétah!), naskah buhun tö kuraŋ-kuraŋ nu dituliskön dina basapraja. Kaasup nu dina basa Cirәbon. Ku kituna, basapraja ogé kuduna mah ulah diharamkön diajarkön, maŋrupa cukaŋ saŋkan ŋarti basa lulugu.

5. Pamunah

Antukna mah kabéh ogé mulaŋ ka uraŋ. Kapan saur Haji Hasan Mustapa ogé,
Ŋalantuŋ batur sakuruŋ
kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ
kuriŋ pakuraŋ pakuraŋ
kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ
kuriŋ pakuriŋ pakuraŋ
kuraŋ pakuraŋ pakuriŋ

BASA SUNDA DINA MÉDIA CITAK

BASA SUNDA DINA MÉDIA CITAK

LOBA TEUING TINIMBANGAN? *)

ku Abdullah Mustappa

Katompérnakeun taun 1952, kantor Jawatan Kabudayaan di Bandung ngaluarkeun majalah, ngaranna Budaya, dina basa Sunda. Ukuranana 14,5 sm ka 21,5 sm, kandelna 42 kaca (teu kaasup jilidna). Di béh handap, aya katerangan: Wawaran Jawatan Kabudayaan Jawa Kulon Kamantrén PP & K1.

Nu hayang disabit di dieu, lantaran aya patalina jeung tulisan, nya éta istilah Jawa Kulon. Majalah Budaya téh mangrupa wawaran atawa kalawarta anu medal kalawan mayeng tur dikaluarkeun ku hiji kantor ti Jawatan pamaréntah. Matak beunang disebutkeun istilah Jawa Kulon gé sasat resmi anu jolna, atawa rék ditawarkeun, ku pamaréntah.

Tapi sakaterang mah, istilah Jawa Kulon téh henteu popular atawa terus dipaké jadi sesebutan resmi dina hirup sapopoé. Malah ayeuna mah, apan sasat geus tara kadéngé deui. Sakur média citak dina basa Sunda nu ayeuna aya kénéh, taya hiji gé anu nyebut Jawa Kulon. Kum waé saréréa gé nyebutna téh Jawa Barat.

Naon sababna pangna istilah Jawa Kulon sasat henteu ditarima lain baé ku urang Sunda tapi ogé ku urang Jawa Barat umumna, tangtu aya alesanana. Éta alesan téh bias nyoko kana urusan basa, atawa bias baé nyoko kana alesan séjén, kaasup soal sikep pulitik urang Sunda. Dina Kongrés Pamuda Sunda, nu diayakeun dina taun 1956 upamana, salasahiji proklamasi téh apan lain netepkeun sesebutan propinsi Jawa Barat jadi Jawa Kulon tapi jadi propinsi Sunda. Nu diusulkeun jadi propinsi Jawa Kulon mah nyaéta Jawa Tengah. Di sagigireun éta, aya anu ngahudang kapanasarn: nepi ka mana silih pangaruhanana antara masarakat jeung media citak dina urusan basa? Nu dimaksud di dieu tangtu wé antara media citak basa Suda jeung kahirupan sapopoé urang Sundana sorangan.

Nurutkeun catetan Roesjan, urang Sunda geus boga média citak dina taun 1894. nya éta ku kaluarna Sunda Almanak anu medal sataun sakali, dicitak ku Van Dorp di Semarang. 2) Kangaranan almenak anu kaluarna sakali dina sataun, bias kaharti lamun pangaruhna kana hirup kumbuh urang Sunda sapopoé téh teu sabaraha.

Duawelas taun ti harita, kaluar Panemu Guru. Nu ieu mah leuwih kerep, medalna dua bulan sakali. Disebutkeun, “nu jadi rédaksina réngréngan ‘Mantri Sunda’ di Bandung, basana puguh wé bérés”.

Sigana mah di dieu huluwotanana téh.

Media citak basa Sunda, ti baheula nepi ka ka ayeuna, méh salawasna dikokolakeun ku réngréngan Mantri Sunda téa. Dalah anu narulis milu ngeusianana ogé henteu jauh ti dinya. Kitu deui nu macana. Nu matak nepi ka ayeuna, media citak Sunda mah loa pisan ulukutek dina urusan sakola jeung guru.

Nu digolongkeun kan réngréngan MantriSunda téh (wayahna, rang terus sebut kitu baé susuganan bakal aya maunatna), tangtuna gé aranjeunna anu pangaweruhna kana basa Sunda geus diaku kalayan resmi. Nu matak munasabah lamun basa Sundana disebut bérés gé. Basa Sunda anu diparaké dina tulisan dina media citakna gé, tangtu tuhu kana papagon basa sakumha anu diajarkeun di sakola-sakola.

Di lebah dieu bakal aya pasualan anu kawilang penting tapi salila ieu sigana mah tacan ditembrakkeun kalawan daria. Geus jadi cecekelan saréréa anu sapopoéna icikibun dina media cita, yén basa an dipaké dina media citak mah (kayaning Koran atawa majalah anu medlna kerep; tapi lain bangsaning jurnal anu medalna ampleng-amplengan), nya éta basa sapopoé. Hartina ragam basa anuhirup jadi alat komunikasi di masarakat. Mindeng kajadian, basa anu komunikatif téh gugon kana pakem atawa patokan basa anu bérés téa.

Mémang lain urusan gampang pikeun nyirikeunana téh. Basa anu dipaké tur hirup sapopoé apan terus robah. Di sagigireun aya nambahanana, aya ogé nguranganana. Jeung soal ieu téh kajadian jeung kaalaman ku basa naon baé. Ngan bédana téh meureun, dina basa séjén mah robah-robahna basa téh terus dititénan jeung dicatet,dina basa Sunda mah tacan nepi ka dinya. Salasahiji ukuranana, nepi ka kiwari tacan aya kamus basa Sunda anu medal kalawan periodic, boh uggal taun boh dua taun sakali. Padahal kamus téh penting minangka catetan ngeunaan tilem-timbulna kecap-kecap, boh nu anyar boh nu heubeul.

Ari basa Sunda anu dipaké dina media citak téa, kumaha?

Dina majalah Budaya téa aya salasahiji tulisan nu ku nu nulisna disebut reportage (reportase atawa laporan jurnalistik). Judulna, Sindang Sakedap ka Toko Buku “Tempo”! (éjahanana disaluyukeun sareng ayeuna):

Upama urang mapay turut sisi jalan Dago téh urang ngalangkungan jalan Merdéka tadi; leresan parapatan jalan Acéh jalan Dago, parantos katon papan-wawaranana dicét konéng nganggo seratan: Toko-buku “TEMPO’ CV. Ti luarna kénéh salebeteun kaca anu harérang, témbong rui-rupi buku ngagelar anu diatur rapih pisan. Sumangga urang lebetan; tangtos urang diangken kalayan sugemana ku para juru-ladénna, kitu deui ku Pangasuhna.

Took-buku “TEMPO” ieu nembé pisan campleng satengah taun ngadeg, parandéné kitu parantos sagala rupi buku anu macem kumaha baé anu teu aya di dinya; sasat sayag sapuratina, teu éléh géléng ku took-toko buku anu arageungna ogé di Kota Bandung. 3)

Bandingkeun jeung basa Malayu anu dipaké dina Koran Bintang Betawi (17 Juni 1905). Judulna, Komedie Bengalan di Gambir:

Semalem ada brapa banyak orang sudah dateng menonton di komedie Bengalan di tanah lapang Gambir sampe tida ada tempat lagi buwat orang-orang bangsa anak negri.

Dari permaenannya itu yang sudah di kasi tenjuk semuanya bagus apa lagi badutnya yang di kasi beklai sama orang yang amat lucuny, maka siapa yang blom tau menonton ini komedie baiklah dengen mata sendiri. 4)

Saméméh Sipatahunan, media citak basa Sunda umumna medalna téh bulanan atawa mingguan. Jadi aya waktu anu cukup pikeun para rédakturna dina mémérés tulisnana. Jadi dina mangsana medal téh, basana kapiara sajalan jeung patokanana. Dina media anu saperti kitu, beunang disebutkeun langka aya tulisan anu wandana laporan jurnalistik. Dina ayana ogé, sakumaha anu katémbong dina Manglé sabada frekuensi medalna jadi mingguan. Leuwih loba nyaritana batan ngalaporkeunana.

Béda jeung anu kaalaman ku Sipatahunan anu kudu medal unggal poé. Di sagigireun alesan-alesan séjén (bangsaning modal jeung urusan manajemén) anu jadi sabab tutupna éta Koran téh apan lantaran medalna leuir baé. Béda jeung koran-koran basa Indonésia anu subuh gé geus nepi ka nu maca, Sipatahunan mah bias kakara katarima isukna lamun dikirim ka tempat nu jauh mah. Ari pangna kitu, lantaran nyokona dina gawé rédaksi.

Para waratawan jeung rédaktur téh henteu bias nulis kalawan gancan lantaran kudu nyalin sakumna warta anu méh kabéh sumberna dina basa Indonésia (atawa basa asing). Naon sababna urang Sunda nu jaradi rédaktur ari nulis berita dina basa Indonésia bias gancang tapi teu kitu mun kudu nulis dina basa Sunda?

Nepi ka ayeuna soal éta téh tacan aya bongbolonganana.

Waktu Tatang Sumarsono kapapancénan kudu nerbitkeun deui Kujang, anu panghéséna téh cenah néangan sahanu bakal diajak jadi rédaktur jeung wartawan turta bias langsung diajak gawé. Éta kajadian téh kaalaman dina mangsa-mangsa boh Unpad boh UPI unggal taun ngawisuda lulusan ti jurusan Sastra Sunda.

Nepi ka ayeuna tacan kanyahoan kumaha atawa di mana merenahkeun média citak basa Sunda dina hirup kumbuh urang Sundana sorangan. Naha cukup ku jadi média panglipur sakumaha anu mindeng disebut-sebu kiwari? Atawa, naha aya kénéh kamungkinan nyicingan makom minangka bagéan atawa parabot dina pajamanan informasi saperti anu keur karandapan ku urang kiwari? Soal merenahkeun média basa Sunda di mana-mana téh engkéna bakal aya pangaruhna kna peran basa Sundana sorangan.

Nu matak seunggah ka sing saha anu sapopoé ulinna dina média citak basa Sunda téh lain ngan semet héséna néangan tanaga anu tapis make basa Sunda, tapi ogé nyoko dina basa Sundana sorangan. Nepi ka ayeuna, méh naon baé anu arék ditulis basa Sunda sumberna téh keukeuh aya pakaitna jeung basa séjén, babakuna basa Indonésia tapi basa asing gé (utamana basa Inggris) teu kurang-kurang. Wartawan anu ngawawancara atawa rédaktur anu keur narjamahkeun, méh kudu baé digondéng ku kamus. Henteu anggeus ku semet dinya, lantaran ungkara kalimah dina basa Sunda henteu salawasna sajalan jeung ungkara kalimah dina basa séjén. (Bandingkun réportase basa Suda dina majalah Budaya anu ambay-ambayan jeung berita basa Malayu anu togmol dina Bintang Betawi di luhur). Nu disebut narjamahkeun gé lolobana mah leuwih pas lamun disebut nyaritakeun deui. Pdahal pikeun bias nyaritakeun deui téh, nu nulisna kudu tapis lain baé kana dua-tilu basa, tapi ogé ungkara-ungkara spesifik anu mémang geus nyampak dina urusan éta.

Média citak anu alus umumna lain baé ngan semet akurat dina urusan matéri tuisanana, tapi ogé nepi ka mana bias milu nyumbang, ngabeungharan basa nu dipakéna. Dna basa Sunda, sanajan Sipatahunan geus lila teu terbit, tapi aya kénéh sababaraha hiji média citak anu mayeng medal nepi ka ayeuna. Nepi ka mana sumbangan éta média kana kabeugharan basa Sunda?

Lamun tadi dina awal ieu tulisan disabit-sabit soal istilah Jawa Kulon, éta mah minangka salasahiji conto kumaha hiji istilah ditawarkeun ku média citak teu kurang-kurang kahayang pikeun nawarkeun istilah atawa kecap anyar dina basa Sunda anu maksudna susuganan bias ditarima ku balaréa. Tapi lolobana mah iat kitu téh henteu nepi ka prakna. Tinimbanganana tampolana rupa-rupa.

Padahal conto anu positif. Basa nyanghareupan Kongrés Basa Sunda di Cipayung kungsi padungdengan heula néangan kecap dina basa Sunda pikeun ngaganti kecap peserta. Waktu ahirna sapuk milih kecap pamilon, éta gé henteu lulus bangles, aya anu kalawan togmol nyebut éta kecap téh méngpar tina papagon anu geus aya.

Tapi kabuktian éta kecap téh bias ditarima tur diparaké nepi ka ayeuna. Dina urusan make basa Sunda, nu disanghareupan ku média citak basa Sunda ayeuna bias dipastikeun jauh leuwih beurat batan nu disanghareupan ku urang Siatahunan harita. Babakuna sanggeus média komunikasi ceuyah saperti kiwari. Urang Sunda nu aya di Bandung kungsi kagét waktu ngadéngé kecap euy dipaké ku hiji radio kalawan maksud anu béda pisan. Asalna, éta kecap dina ‘wanda’ anu anyar téa, tétéla geing teu matak nanaon. Kitu deui kecap jomlo nu diparaké ayeuna, babakuna di lingkungan artis, geus méngpar tina harti asalna.

Kecap euy jeung jomlo bias disebutkeun jadi ku manéh. Sanajan teu aya réngkolna dina kaputusan kongrés atawa perda tapi diparaké dina lingkunganana. Lingkungan atawa komunitas anu saperti kitu mémang bisa leuwih laluasa, leuwih bébas malah bisa leuwih nganteur kana pangabeuki jeung karesepna. Asal nu diajak nyarita henteu salah harti, bérés.

Ari média citak basa Sunda henteu kitu. Kecap anu tinulis mémang henteu bisa ceplas-ceplos saperti dina lisan. Tapi kuduna mah aya pangjurung anu leuwih kuat nepi ka leuwih panceg, yén taya anu teu robah jeung teu aya basa anu teu kapangaruhan ku basa séjén. Média citak dina basa Sunda, anu dina hirup kumbuh kiwari geus ditarima jadi salasahiji alat komunikasi anu penting, kudu ulah bosen-bosen nawarkeun jeung maké kecap-kecap anyar; bias bener-bener anyar, nyalin kecap tina basa deungeun kana lapal létah urang, ngahirupkeun deui kecap heubeul anu geus tara dipaké, atawa méré harti séjén kana kecap anu geus aya. Komo lamun niat kitu téh dideudeul ku lembaga-lembaga anu aya patalina jeung urusan basa Sunda.

Lamun uarang bias ngumpulkeun sakur kecap nu kungsi aya dina basa Sunda, boh nu hartina alus boh anu goréng, kaasup anu ayeuna geus tara diparaké deui, sigana minangka keur modal anyar mah geus lumayan. Minimal basa Sunda bisa jadi pemegang saham mayoritas dina system komunikasi papada urang sorangan. ***

Cijawura Indah 18 Juni 2005

*) Didugikeun dina Kongrés Basa Sunda di Subang Juni 2005

  1. Henteu aya titimangsa anu écés. Ngan dina ‘Purwaka’ ti Pangasuh (kaca 3) ditulis Bandung Nopember 1952. Di kaca 2 ogé aya iklan pertunjukan mal Mr Devdatta Jetley anu bakal lumangsung di YPK tanggal 24-25-26 Desember 1952)
  2. Majalah Budaya nomer 1 kaca 9
  3. Majalah Budaya nomer 2 kaca 12
  4. Koran Tempo, 17 Juni 2005

Paribahasa Bahasa Sunda

1.Paribasa Wawaran Luang

Eusina ngebrehkeun pangalaman anu geus lumrah di masyarakat sarta mangrupa bahan babandingan pikeun laku lampah urang.

Contona:

  1. Adat kakurung ku iga. Hartina, adat atawa kabiasaan anu geus hese dipiceunna.
  2. Mihaphayam ka heulang. Hartina, mihape atawa titip barang ka nu geus kanyahoan teu jujur.
  1. Kokoro manggih Mulud, puasa manggih Lebaran. Hartina mang pang meungpeung.
  2. lwak nangtang sujen. Hartina, wani nyorang pibahayaeun.
  3. Hulu gundul dihihidan. Hartina, nu keur untung tambah untung.

 

2. Paribasa Pangjurung Laku Hade

Eusina pikeun pangjurung milampah kahadena.

Contona :

  1. Ari diarah supana, kudu dijaga catangna. Hartina, ari aya barang (banda) anu diala hasilna, kudu daek ngurusna.
  2. Ambek sadu santa budi. Hartina soleh hate
  3. Cikaracak ninggang batu, laun-Iaun jadi legok. Hartina, upama dileukeunan bari junun sagala rupa nu hese oge bakal bisa.
  4. Ka hare up ngala sajeujeuh, ka tukang ngala sajeungkal.Hartina, hirup ati-ati make itungan.
  5. Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung. Hartina nuduhkeun jelema getol digawe cape oge ngeureuyeuh we nu nu antukna bisa meunang pangupa jiwa.

3. Paribasa Panyaram Lampah Salah

  1. CuI dogdog tinggal igel. Hartina, ninggalkeun gawe baku, terus migawe pagawean nu taya hasilna.
  2. Meungpeun carang ku ayakan. Hartina, api-api teu nyaho, ngantep jelema anu migawe pagawean salah.
  3. Kawas awi sumaer di pasir. Hartina, luak-leok pikir,teu puguh tangtungan.
  4. Pupulur memeh mantun. Hartina, mentaburuhan memeh prak digawe.

Hello world!

Welcome to WordPress.com. After you read this, you should delete and write your own post, with a new title above. Or hit Add New on the left (of the admin dashboard) to start a fresh post.

Here are some suggestions for your first post.

  1. You can find new ideas for what to blog about by reading the Daily Post.
  2. Add PressThis to your browser. It creates a new blog post for you about any interesting  page you read on the web.
  3. Make some changes to this page, and then hit preview on the right. You can always preview any post or edit it before you share it to the world.

Ikuti

Get every new post delivered to your Inbox.